Selasa, 15 Juli 2008

Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur Jauh di awang awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari heberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung partengtang taya bandinganana
Dipikagimil dipikaserab kusasama
Taya karempan kasieun leber wawanena

Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinantria
Keur sakumna bangsa di nagara Indonesia

Tidak ada komentar:

Posting Komentar