Selasa, 15 Juli 2008

ULah Ceurik

Cag didieu… cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang
Teup anteupkeun…tong diguar deui
Carita cinta nu peugat

Najan ka gandrung sa gunung
Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud
Akhirna urang pipisah… pisah

Rek kasaha…ka urang mana
Geura milari geuntosna
Cig ka kidul… cig kakaler…
Ngulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan antara urang duaan
Lain anjeun lain akang urang geus lain lainan…lain

Ulah ceurik …tong di ceungceurikeun
Tarimakeun janten randa
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik…tong diceungceurikeun
Wayahna urang papeugat najan hate masih beurat
Pileuleuyan pileuleuyan
Hampura akang hampura

1 komentar: