Selasa, 15 Juli 2008

Awet Rajet

Lagam : Jaipongan, Kecapi Tunggal

Laras : salendro

Rumah tangga jeung manehna
Geus teu ka itung lilana
Tibujangan jeung parawan
Neupika geus reuay anak

Ari jodoh tetep pageuh
Tapi sok pakucrut bae
Teu kaop salah saeutik
Babari pisan mundelik

Nya atuh kudu kudu kumaha
Rumah tangga jeung manehna
Sakieu geus anak loba
Manehna euweuh elingna

Tengah peting jemplang jempling
Dijujurung sina balik
Rek balik balik kamana
Indung bapa geus teu boga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar