Selasa, 15 Juli 2008

Ayun Ambing I

Deungkleung dengdek anaking jimat awaking
Geura bobo panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rizki buburuh jadi TKI

Deungkleung dengdek anaking di ayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu’a ema hidep enggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weuleuh ngadodoho
Sanajan urang paanggang
Hate mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti Urang sumerah diri

Kieu buktina kedah kieu nasibna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar