Selasa, 15 Juli 2008

Bangbung Hideung

Lagam : Celepungan, Jaipongan
Laras : Salendro

Daweung …. Abdi teh ti pajajaran
Bangbung hideung…
Bara-bara teuing diri …
Lahang bari dianggo kasuka galih
Situ pinuh …Balong jero
bebendon sareng bebendu
mangga tilik saliracu
Awi teh pangajul buah lantaran ti kitu
Sora bedil…luhur mega paripaos
Teu kaop lepat saeutik…diri abdi ka gamparan

Wiat saur kajungjunan ulah waka
Luluasan nyangsara ka diri abdi….
Ulah waka gurung gusuh nganteur napsu teu puguh
Ahirna bilih kaduhung badan anu katempuhan
Pan baheula anjeun jangji pasini ka diri abdi
Jangji bakal wikanyaah
Ahirna jangjunan cidra
Abong geus aya ganting
Anu langkung ti sim abdi

Ke heula atuh antosan ulah waka luluasan
Abdi mah sungkan paturay
Sok inggris ka palsu deui
Mandak nu sarupi kitu
Geuning ukur ngabibita
Buktina geuning sulaya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar