Pencipta : Harlan W.
Lagam : Jaipongan
Laras : Salendro
Mencrang lir bentang timur
Rary marahmay matak tibelat
Geulis laksana dewi
Lumungsurna katumbiri
Mencrang lir bentang timur
Pameunteusieup matak kareureut
Lambey jeruk sapasi gelenyu imutna manis
Si bentang timur nya katelahna
Hiji wanoja nu kamashur
Rengak paripulahna numatak kauruy
Upami ngibing matak kaiwat
Duh kacipta bagja pami laksana
Hareupan diri pasti kasungsi
Si bentang timur kabiruyungan
Jadi bebende panglipur ati
Bentang si bentang timur
Bentang bentangna lembur
Lir kembang sumedeng ligar
Nukeur seungit mamanis
Bentang si bentang timur
Bentang bentangna lembur
Nugeus dewi larasati
Nu manis narik ati
Tidak ada komentar:
Posting Komentar