Ceuk batur mah kuring the budak jalanan
Gawe ukur ngamen dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana
Mun panas…kapanasan
Mun hujan…kahujanan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan
Timana timana atuh timana
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar