Pencipta : Gugum Gumbira Tirasonjaya
Lagam : Degung – Kawih
Laras : Madenda
Bulan sapasi
Siga nyaksi diri abdi
Pias pias sagala paningal
Katambias ge penginten
Angina asih nu bihari
Teu deui ngelusan diri
Digentos ku nagin bajra
Matak sedih jeung nalangsa
Harepan kiwari ukur harepan
Da bentang di langit anu baranang
Da bentang sugan sing jadi putusan
Da engkang masih osok neang dating
Aduh aduh matak paur
Lamun diri katalanjur
Sanajan diri tinggal sapasi
Alim jadi laip diri
Tidak ada komentar:
Posting Komentar