Selasa, 15 Juli 2008

Colenak

Pencipta : Nano S.
Lagam : Degung - Kawih
Laras : Pelog

Urang tuang colenak
Raos seger matak sehat kana awak
Pangaosna ngan ukur sapuluh perak
Moal rugi ngaluarkeun eusi pesak

Colenak di cocol enak
Anu ompong oge teurak
Mangga geura carobian
Colenak beuleum dadakan

Colenak peuyeum bandung
Katuangan sederhana istimewa
Cacah menak sadaya pada misuka
Moal puyeng najan seep tilu piring

Colenak di cocol enak
Kakoncara sabuana
Kaolahan urang sunda
Warisan kolot baheula

Tidak ada komentar:

Posting Komentar