Pencipta : Mang Raida
Lagam : Jaipongan
Laras : Salendro
Urang guar lalakon anu katunda
Urang teang carita anu baheula
Carita daun pulus nukoncara
Daun pulus anu ka opat belasna
Katineung rek disampeur nahandeuleum
Kaheman urang teang nahanjuang
Ngawincik ngeumbingan areuy kadeudeuh
Nyanghunjar akar katresna nyengcelak
Daun pulus anu ka opat belasna
Tacan layu teu aya laas laasna
Daun pulus teu rek layu
Kapanasan awor jeung rasa kasono
Najan lawas tibareto
Jalan naratas ngajembat
Lir sumirat kandaga emas nunyacas
Nu nyengcelak daun pulus opat belas
Nu nembongkeun bokor lalakon katineung
Gumuruh angina jajantung
Genjlong kupangaruh ampuh
Reueus deudeuh nyanggreut pagueh
Reret masket kairut kuimut nu lucu
Daun pulus lambaran carita endah
Numeraykeun lalangse hate nu simpe
Anu pinuh basa diukir ku sastra
Peurah asih dina rasa nyalira
Tidak ada komentar:
Posting Komentar