Selasa, 15 Juli 2008

Daun Pulus 15

Gupay daun gugupay
Gupay sono to bareto
Lalakon teu daek poho
Duan pulus ngemplok hejo

Marakbak tangkal duriat
Sirung ka asih teu tebih
Daun pulus lima belas
Nu atra teu acan laas

Kareueus teu aya anggeus
ka heman teu bisa ilang
Nyanding dina rasa katineung
Ngajaga jeroeun dada

Jalan subang tapak midang
Basa jangji kedal lisan
Kebon enteh nu nyaksian
Nyaksian nu panasaran

Daun pulus lima belas
Tutulus tutungkus kalbu…
Kacinta nu pageuh maneuh
Nu manteng ka asih weuteuh
Daun pulus lima belas
Ngarambat ngajadi laga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar