Selasa, 15 Juli 2008

Daun Pulus 16

Pencipta : Mang Raida
Lagam : jaipongan
Laras : Salendro

Basa langit bandung
Benggras taya haluengheun
Nutembong nyipta rasa
Kaendahan ngalangkang
Tina implengan

Daun pulus genep belas
Nugeus nepungkeun emutan
Meuraykeun simpena hate
Nyinglarkeun anu katunda

Rasa dina rasa ngancik
Lalakon kaseuit seuit
Asa dina alam tandang
Jaman daun pulus midang

Lambaran daun gugupay
Oyagku angina niupan
Lir harewos lalaunan
Nudareuda dahantos

Midang langit nuceudeum haleungheum
Jalan tembong samara-samar
Tapi hate narawangan
Da daun pulus nyarengan

Da daun pulus genep belas
Marengan ngajak tatandang
Dina lalakon nu anyar
Nu jiga kiwari nyebar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar