Selasa, 15 Juli 2008

Daun Pulus Kiser Bojong

Lagam : Kawih, Jaipongan
Laras : Salendro

Na handeuleum aya katineng
Na hanjuang aya kamelang
Daun pulus lalambaran
Kahayang pasti kasorang

Lamping pasir pileuweungan
Harelung cangku di gunung
Alam endah tambah endah
Endahna lir cinta urang… ieuh….

Masing kasawang aduh kembang kamelang
Raranggeuyan beureumna mayang harepan
Iraha atuh iraha bagja diri tinekanan
Tulus ngempur hurung nangtung
Laksana mun siang leumpang… ieuh..

Daun pulus, daun pulus…
Lalambaran, lalambaran
Nyeri teuing mun teu tulus
Mibanda atuh garapan
Hirup ungkur nunggu waktu
Nyorang lampah anu ngambang

Bade langit bade bentang
Mega mendung mega bodas
Bade leungit bade datang
Teu langkung bade datang

Teu nanaon teu nanaon
Di taros sok ngaharewos
Na kunaon na kunaon
Harewos ukur harewos

Tidak ada komentar:

Posting Komentar