Selasa, 15 Juli 2008

Dikantun Tugas

Pencipta : Iyar Wiarsih
Lagam : Degung – kawih
Laras : Pelog

Calik dina bangbarung
Anteng ngaruhun barung
Nyawang anu ngalangkung
Sedih manah na nguyung

Emut ka sang panutan
Ngantos mang bulan-bulan
Lami henteu nyeratan
Wartos di medan perang

Nanging nu geulis sadar
Sarta manah na sabar

Nyanggem dina manahna
Aduh engkang iraha
Tepung sakulawarga
Mulih ti medan jaya

Abdi nu ngantos –ngantos
Mugi paparing wartos
Nanging abdi tos ngartos
Engkang alat sajati

Najan urang patebih
Langgeng engkang mi asih

Tidak ada komentar:

Posting Komentar